Longsor Salah Saha?

Rabu, 21 Mei 2025, Mei 21, 2025 WIB Last Updated 2025-05-20T23:39:19Z



Beres Sholat berjamaah Isha di masjid abah teu bisa balik sabab hujan meuni badag pisan. Abah jeung kang rohim teu bisa balik soalna teu mawa payung, batur mah  geus baralik da pada mawa payung. 


Abah : tenang kang Rohim hujan kieu mendingan urang ngopi bari ngantosan hujan raat.


Kang Rohim : nuhun bah. 


Diteras masjid abah jeung kang rohim diuk bari ngopi. Hujan badag teu ereun-eureun, abah jeung kang Rohim katingalina ngobrol meuni serius. 


Abah : bulan ayena kudu na mah hujan teh geus jarang, naha ari ayena hujan beuki mineng turun na, mugi weh jadi berkah ka urang.


Kang Rohim : bener bah hujan na ti sore teupikeun peuting jiga ayena yeuh, paur abdi mah bisi Kuningan longsor atawa banjir bandang.


Abah : puguh kamari pan geus aya nu longsor di area curuk Cilengkrang Desa Pajambon, watir abah mah kumaha lamun 5 taun deui bisa leuwih parah ti ayena. Geus kieu pada riweuh Pemda Kuningan karek turun kalapangan, loba nu silih nyalahkeun, aya nu ngabela nyalahkeun hujan, lamun nyalahkeun hujan sarua bae nyalahkeun gusti Alloh kumaha sih pikiran na.


Kang Rohim : nu salah jeulas jelma na bah, pan geus jelas ceuk agama Islam mah manusia teh jadi kholifah di bumi arti na manusia nu ngurus bumi jeung alam semesta ieu, lamun aya longsor jiga  di puncak jelas nu salah jalma na. Pemerintah nu jadi kholifah teu hadir ngajaga lingkungan alam padahal geus nyieun aturan na, nya eta Rencana Umum Tata Ruang Wilayah Kabupaten Kuningan. Peraturan ieu keur ngatur sagala bentuk pembangunan nu ngagunakeun lahan di Kabupaten Kuningan.


Abah : bener kang, tingali bae obyek wisata gede diluhur curug Cilengkrang sakitu lega na resapan caina ngan saeutik. Ruang terbuka na ditutup ku semen jeung paving blok kumaha cai hujan rek nyerap ka taneh pasti na cai palit kabeh ka daerah nu dihandap.


Kang Rohim : Ieu kasus geus viral boa-boa ka dangu ku Gubernur Jabar Kang Dedi Mulyadi/KDM. Sok lah nitizen viralkeun terus ngarah KDM turun ka Kuningan.


Abah : inti na mah ieu jadi pelajaran keur masyarakat sareng Pemda Kuningan, tah ayena aya kajadian kieu kudu na kabeh instansi anu terkait kudu turun kalapangan, ngarah ningali bangunan-bangunan wisata nu di puncak Cigugur geus bener can ngabangun na, sesuai aturan teu, pada nyieun ijin teu. 


Kang Rohim : leures bah, lamun salah ngabangun na tindak pan aya aturan na, lamun can boga ijin titah nyieun ijin jadi aya pamasukan keur PAD Kuningan.


Abah : bener kang, komo kawasan puncak teh leubet ka Kecamatan Cigugur dina tata ruang na abus kawasan konservasi jadi lamun aya kegiatan usaha naon wae kudu nurut aturan, ijin na teu asal wae, aya aturan penggunaan lahan 40% keur bangunan 60% keur ruang terbuka resapan cai anu teu meunang ditutup ku plur semen, aspal atawa beton. 


Kang rohim : sok atuh Pemda turun kalapangan bareng jeung legislatif na tingali obyek wisata Arunika eta, geuwat tuntaskeun naon nu jadi masalah na ngarah teu jadi polemik terus di masyarakat. 


Abah : pesen abah mah ka Pemda Kuningan awasi pembanganan obyek-obyek wisata di puncak Cigugur, ijin na kudu bener nyekel kana aturan, ulah teupikeun ijin can kaluar ujug-ujug geus dibangun. Tingali oge pengolahan limbah na aya teu, tingali sumber cai nu dipake na timana lamun artesis aya ijin na teu.


Kang Rohim : tos raat hujan na bah, abdi uih heula nya.


Abah : hayu atuh bareng, tong hilap isukan urang mancing deui ka Cisanggarung sugan weh meunang lele kamari mah meunang sapatu jeung plastik keresek, ha..ha..ha..abah jeung kang Rohim nyakakak.


Jaga walungan urang tina limbah. 

Ulah usik leuweng gunung Ciremai keur jadi pakaya.

Bangun Kuningan babarengen, rakyat pastina ngadukung pemimpin nu adil, ulah melesat kolor rakyat morosot da beuteng na kempes teu kabeli beas.


Carita sunda si Abah

Penulis : Yanyan Anugraha

Komentar

Tampilkan

  • Longsor Salah Saha?
  • 0

Terkini

Topik Populer